KABIASAAN DI LEMBUR XII TKR 4 SMK N RAJAPOLAH 2018/2019


Kampung Muhara
(Ku Rifal Rinaldo)

Kampung muhara teh salahsahiji kampung anu aya di dusun tanjung mekar kecamatan jamanis kabupaten tasikmalaya
Kampung muhara jumlah masyarakatna aya 27 KK kaayaan taneuhna subur pikeun digunakeung tatanen masyarakatna, kusabab taneuhna anu subur pagawean masyarakatna jadi tani, boh patani pare atawa palawija sejenna.
Dina widang atikan, kampung muhara kaitung ojoy tibatan lembur anu sejen, nutamat SMA jeung paguron luhur aya di ieu kampung.
Kampung muhara geus aya ti jaman baheula pisan tapi can ayan info nu bener taun sabaraha diadegkeunna. Salah sahiji sespuh anu ngadegkeun ieu kampong nyaeta eyang rawi.
Dikampung muhara aya sababaraha hiji kabiasaan anu dilakukeun ku masyarakatna salah sahijina ngaliwet. Acara ngaliwet ieu biasa dilakukeun unggal peuting bari jeung ngaronda, beberesih masjid jeung madroah, mapag panganten, kagiatan barudak pamuda anu aya di masjid, nagihan parelek jeung sajabana.
Jadi di kampong muhara ieu aya sababaraha hiji kabiasaan anu dilakukeun ku masyarakatna, t mimiti nu kolot, bapak bapak, ibu-ibu, aki-aki jeung nini-nini



Kampung Sari Budi
Ku Dèdè Rahman Fauzi
            Mangrupa hiji kampung nu aya di dèsa Banyurasa, Kacamatan Sukahening, tipuser kota Tasikmalaya. Kaètang lumayan jauh, kira kira 10 km, ku motor kira kirana 20 atawa 30 menitan.
            Kabiasaan anu aya di kampung simkuring mah nyaèta, sok aya gotong royong pas didinya, ibuna sok nyiapkeun tuangeun jeung miluan kerja bakti, sok gotong royong lamun aya anu maot tèh sok babarengan nguruskeunna timimiti ngamandian nepi ka nguburkeun mah kabèh sesuai tugasna. Sok tahlilan diimah anu ditinggalkeun nepi ka 7 poè na.
            Mun aya nungandung 4 bulanna tèh sok kulawargana ngarujak sabari syukuran / salametan, mun peuting sok garadang sabari ngajagaan lembur èta mah kusaha anu daèk, èta tèh sok ngaliwet, ngabakar sabari maèn rèmi jeung gaplèh nungguan lembur.
            Mun lebaran idul fitri acan nungarantau ka luar kota atawa anu disebrang, balik mun malam takbiran sok ngarumpul di Masjid, jeung sawarèhna mèntaan dahareun ka unggal imah ku pamuda mun aya acara madrasah tarbiatul huda, nyaèta mun aya samen, didinya babarengan ngadirikeun panggung jeung ngahias panggung, sarta ngayakeun lomba jang budak madrasah. Lamun geus 3 poè lebaran nyaèta poè ka 4 lebaran sok aya nu ngaranna fajar amal, nu dijalankeun ku pamuda.
            Sakitu panginten anu dipikanyaho kusimkuring ngenaan tradisi atawa kabiasaan anu aya dilembur simkuring.


Kampung Bantarkadu
Ku Fajar Sodikur Ramdan
            Kampung Bantarkadu nyaèta hiji kampung anu aya di Kabupatèn Tasikmalaya perenahna di Dèsa Dawagung, Kecamatan Rajapolah, Kabupaten Tasikmalaya. Sasakala dingaranan kampung Bantarkadu tèh kusabab baheulana dikampung èta tèh loba tangkal kadu, jadi wè dingaranan kampung Bantarkadu.
            Dikampung Bantarkadu tèh aya tradisi atawa kabiasaan nutara kaliwat, nyaèta kabiasaan ngajieun rujak, atawa bandrek mun aya anu keur ngandung. Tah cenah mah nurutkeun kapercayaan mun hayang boga budak lalaki bandrek atawa rujakna sina lada pisan. Cenah mah mun kitu tèh budakna bakal lalaki, tradisi jeung kapercayaan èta geus turun temurun.


LEMBUR SANGIANG TЀRAS
Ku Deni Rahayu
            Lembur Sangiang Tèras pernahna di wèwèngkon Dèsa Karang Mulya, Kacamatan Jamanis, Kabupatèn Tasikmalaya.
             Kabiasaan dilembur Sangiang Tèras nyaèta sok ngayakeun pangaosan bulanan nyaèta tiap sabulan sakali unggal malem minggon. Dilanjutkeun ku pangaosan ibu ibu tiap poè jum’at, miggon, sareng senèn.
            Kabiasaan anu salajeungna nyaèta dilembur Sangiang Tèras mah anu ngagaduhan parawan atanapi jajaka, sok nempatan kamarna tèh dinu panghareupna
            Kabiasaan dilembur simkuring sok diayakeun ngaronda, pikeun ngajaga lembur tina hal anu teu dipikahoyong, misalna aya anu maling hayam, jeung sajabana. Jadi kagiatan ngaronda tèh perlu diayakeun kusabab penting pisan amih maling teu bisa nanaon.
            Can aya sumber anu pasti ngenaan iraha irahana lembur Sangiang Tèras diadegkeunna kusabab simkuring teu acan pendak sareng sepuh sepuh anu dilembur Sangiang Tèras tèh.


KAMPUNG CIBEREKAH
( Ku Farid Fadilah )
         
Tipusat kota Tasikmalaya mah kaitung dekeut ka kampung Ciberekah tèh. Kirang langkung 6 Km, merlukeun waktu perjalanan 45 menit, kampung Ciberekah ayana di Dèsa Manggungjaya Kecamatan Rajapolah Kabupatèn Tasikmalaya.
Asal muasal kampung Ciberekah tèh nyaèta baheulana kampung èta loba berekahna boh dina jalma jeung dina pagawèanana. Jeung loba pangrajin nu garetolna dina jaman baheulana.
Kalakuan warga Ciberekah mah unggal poè minggu osok ngayakeun pangaosan unggal saminggu sakali jeung osok ngayakeun kerja bakti unggal poe jum’at, masyarakat kampung Ciberekah mah lolobana pagawèan buruh dina nyieun karajinan.
Kalereusanamah seueur kènèh sababaraha hiji di kampung Ciberekah tèh, ngan tiasa sakitu nu didugikeun.


Kampung Dèpok
Ku Handi Jalaludin
            Kampung Dèpok nu ayana di dèsa Padamulaya, Kacamatan Cihaurbeuti, Kabupatèn Ciamis. Mangrupa salahsahiji kampung di dèsa Padamulya.
            Kampung Dèpok sarua waè jeung kampung sèjènna, tapi aya hiji titik kaanèhan anu nyata dièta kampung, nyaèta kampung anu sepi tibalarèa, margina sepi kampung èta kasohor kota mati. Tapi waktu lebaran kampung èta sok ramè alahbatan di pamèran, kusabab nèangan jati hirupna di kota mulang deui ka asal, balik deui ka pangkuan.
            Nèangan  jati diri sapertikeun gawè nèangan bekel jeung kahirupan kahareupna, aya ogè anu ngaji. Dèpok sajuta carita, kota mati membara dilembur batur pikeun ngahèrangkeun anu di lembur.


Kampung Citamba
ku Kamal Komarudin

Kampung Citamba tèh nyaèta anu letakna di Désa Citamba, Kecamatan Ciawi, Kabupaten Tasikmalaya. Lamun ti alun – alun ciawi mah kaitung jauh lembur Citamba téh.
Kabiasaan anu aya dilembur Citamba teu jauh beda jeung lembur séjén, Dilembur Citamba mah mun aya nu ngalahirkeun téh, Mun geus ka 7 poéna , orokna sok disyukuran sakalian jeung méré ngaran lain saukur syukuran hungkul tali ti pihak kaluwarga na téh sok ngajieun sangu konéng. Salian kabiasaan nu tadi aya ogé kabiasaan nu séjénna nyaéta sok ngayakeun pangaosan unggal malem jumaah dina malem éta warga Citamba hampir kabéh ketruk ngarilu pangaosan.
Terus aya deui kabiasaan séjénna nu sok dilakukeun ku warga Citamba nyaéta sok ngala lahang dina tangkal kawung keur bahan ngajieun gula bereum. Biasana léngkah kahiji nu sok dilakukeun nyaéta Ngala lahang terus saeunggeus bérés langsung lahang na digodog sina nepikeun ka jadi gula atawa ngentel. Terus di cétak maké awi amih katingali alus. Bérés dicétak terus dicicingkeun nepi ka tiisna, mun tos tiis terus bolocotan tina cétakan tadi, Saentos kitu langsung dibungkusan maké baralak anu geus meunang ngala.

Mung sakitu kabiasaan dilembur simkuring atanapi dilembur Citamba, anu tiasa dipedarkeun dina ieu tulisan.


KAMPUNG PANGLIGARAN
Ku Muhamad Azzil Dinar Ramadhan
Tipusat karajinan Rajapolah mah kampung Pangligaran tèh kaitung deukeut, kira kira 1 km laju ngulon. Bisa ngagunakeun ojèg atawa kandaraan pribadi. Jeung merlukeun waktu 2 – 5 menit, èta tèh ngalèwatan lembur Bebedahan jeung Cikuya. Kampung Pangligaran jumlah masyarakatna kurang leuwih 300 kepala keluarga, jadi lembur ieu mah loba masyarakatna da lembur nagè lega jeung ramè.
Najan disebutna lembur anu ramè, kunaon bet ramè sabab satiap aya acara naon baè pamudana sok araktif jadi sok resep bari gotong royong.
Kabiasaan dilembur simkuring sok diayakeun ngaronda, pikeun ngajaga lembur tina hal anu teu dipikahoyong, misalna aya anu maling hayam, jeung sajabana. Jadi kagiatan ngaronda tèh perlu diayakeun kusabab penting pisan amih maling teu bisa nanaon.
Kabiasaan anu sanèsna deui nyaèta sok ngayakeun pangaosan satiap poè senèn ba’da lohor, rebo ba’da ashar, jum’at ba’da jum’atan, sabtu ba’da maghrib. Guna pikeun ibadah ka Gusti Allah SWT.
Kabiasaan anu sanèsna nyaèta satiap kaping 1 Muharam tabuh limaan sok ngayakeun dibagi bubu suro atawa dibagi bubur gratis, jadi warga sadayana lulumpatan tihiji imah ka imah anu sèjen. Terus kitu saacan bubur sèèp.
Can aya sumber anu pasti ngenaan iraha irahana lembur Pangligaran diadegkeunna kusabab simkuring teu acan pendak sareng sepuh sepuh anu dilembur Pangligaran tèh.


KAMPUNG BABAKAN PEUNDEUY
Ku Muhammad Syamsul
            Kampung Babakan Peundeuy anu teu jauh teuing tipusat kota Tasikmalaya, nu kira kira jauhna kna 6km tipusat kota tèh. Nyaèta ti SMP 13 Kota Tasikmalaya tèh asup deui kajalan biasa. Bet kunaon dingaranan Babakan Peundeuy, kusabab Babakan tèh nyaèta kampung atawa lembur anu anyar, kusabab baheula ieu lembur tèh asalna ngahiji kènèh jeung lembur Bojongkupa, kusabab loba jeung gedè jadi dipisah pisah RW na. Ku dina saparakanca èta kapangurusan tèh sok sieun teu walatra ka masyarakatna.
            Tina kampung èta aya hiji kulawarga, dimana kulawarga èta boga kabiasaan anu rada mistis. Naha bet disebut mistis, kusabab dina mistis ieu aya kakaitanna anu bisa ngadatangkeun kasieunan. Dina kulawarga èta aya aturan anu henteu karulis, tapi bisa jadi kana pamali. Aturanna atawa kabiasaanna nyaèta keur budak budakna. Ceuk kolotna anu ngomong kabudakna ULAH CEURIK PEUTING. Matak ku kituna dina kulawarga èta jempling malimpeh dina unggal peutingna.
            Aya sabab jeung kapamalian èta aya maksud jeung harti anu matak jadi kabiasaanna, naha kunaon kolotna beut ngomong ulah ceurik peuting, kusabab dina unggal peuting tatangga keur sararè, matakna sok kasieunan kaganggu kubudakna anu ceurik tèa. Komo deui aya anu dikakaitkeunna kana mistis nyèta anu matak bisa ngahudangkeun dijero kuburan atawa disebutna mayit kusabab kaganggu ku ceurik na atawa kagandèngannana.
            Milampah kana babasan, paribasa, kabiasaan atawa kapamalian sakapeung sok tara akal. Tapi aya alusna jeung manfaatna anu teu kaciri, anu teu karasa, numatak alusna tingkah paripolèh. Tapi dina kulawarga èta kapamalian masih kènèh dipakè dina kahirupan sapopoè jeung maksud keur ngadidik ka budakna guna dina satiap kabiasaan anu alus keur jati dirina.


KAMPUNG KERTASARI
( Ku Rizman Maulana )
Kampung Kertasari tèh kabilangna cukup jauh ti sakola Smk Negeri Rajapolah nu aya di kampung Ciinjuk, kira kira kurang leuwih 2,5 Km. Lamun ti Ciinjuk mah kampung kuring tèh rada maju ngulon, teras pami kana kendaraan motor mah kurang leuwih ngabèakeun waktu 20 menit. Ѐta tèh ngalewatan 7 kampung sangkan nepi ka kampung Kertasari.
Kampung Kertasari ayana di Desa Condong Kecamatan Jamanis Kabupatèn Tasikmalaya. Kampung Kertasari samèmèhna disebut Kampung Cibatu atau bisa oge Cikuhil, kusabab baheulana kampung simkuring tèh loba batu. Neupi ka ayeuna ngarana jadi Kertasari, aya oge guyonan kusabab ngaran kampungna gunta ganti , kieu contona “Cikuhil Cibatu Kertasari, nyeuhil dina batu bari seuri“.
Kampung Kertasari jumlah masyarakatna kurang leuwih 200 kepala keluarga, kabilang kampung leutik tapi wilayah kampungna cukup lega, kusabab loba kènèh pasawahan anu acan dibangun paimahan. Kabiasaan kampung kuring lolobana sok nyaraba jeung nyarawah jadi kampung tèh asa tiiseun, tapi lamun poè lebaran atau aya acara dilembur sok baralik, jadi ramè kusabab pamudana kraètif jeung milu ngaramèkeun acara èta.
Kabiasaan nu sejen na nyaeta sok diayakeun pangaosan dina poè ahad tabuh dalapanan neupi ka tabuh sabelasan, pangaosan èta kanggo sarèrèa kaasup ogè lembur tatangga contona urang Sèkbrong jeung Tajamaya. Aya ogè pangaosan khusus Ibu – Ibu nyaèta tiap poè kamis sorè saatos sholat ashar kira kira tabuh opatan. Dilajeungken saatos magrib pangaosan pamuda pamudi dugika tabuh dalapanan.
Can aya carita pasti ngenaan asal usul kampung Kertasari, lantaran aki simkuring sorangan tos ngantunkeun, janten teu aya sumber anu  bisa ngajelaskeun asal mulana Kampung Kertasari.



Kampung Babakan Rahayu
Ku Trisna Nurul
            Kampung Babakan Rahayu tèh salah sahiji kampung anu aya di dèsa Ciawi, kacamatan Ciawi, Kabupatèn Tasikmalaya. Kampung ieu tèh lumayan rada jauh ka jalan badag, kurang leuwih 500 m.
            Kabiasaan anu geus lila aya di Kampung Babakan Rahayu tèh nyaèta sok diayakeun pangaosan malem senèn sareung malem salasa ba’da isya. Aya ogè pangaosan atawa manaqiban na Sulthanul Aulia Abdul Qodir Jaèlani, anu tempatna di Suryalaya. Bring sakabèh lembur Babakan Rahayu arindit ka Suryalaya teu kolot teu budakna.
            Kabiasaan nu sèjènna nyaèta dimana nyanghareupan lebaran Idul Fitri warga Kampung Babakan Rahayu sok ngayakeun kerja bakti makam di Cibodas.
            Nya sakitu waè kabiasaan anu aya di lembur Babakan Rahayu.



KAMPUNG TĚJAMAYA
(ku Rian Irawan)

Kampung Tèjamaya tèh salah sahiji kampung nu aya di Dèsa Sukaraja Kacamatan Rajapolah Tasikmalaya. Ti pasar Rajapolah kaitung deukeut,merlukeun waktu perjalan 5-7 menit.
Kampung Tèjamaya tèh kaayan taneuh na lumayan subur pikeun digunakeun masyarakat na. Kusabab taneuh na anu subur ieu,lolobana pagawèan masyarakat na jadi tukang tani,boh tani parè atawa palawija.
Dina widang atikan, kampung Tèjamaya kaitung ojoy tibatan lembur sèjèn, nu tamat SMA jeung paguron luhur aya di lembur ieu, kusabab atikanna rupa rupa, aya ogè sababaraha hiji warga masyarakatna anu gawè ngarantau di daèrah sèjèn.
Di kampung Tèjamaya ieu aya sababaraha hiji kabiasaan nu sok dilakukeun ku masyarakatna. Salah sahiji na nyaèta sok ngayakeun kerja bakti dina poè jumat, jeung osok ngayakeun pangaosan saminggu sakali dina maleman jum’at ba’da isya khusus na kanggè pamuda pamudi. Kabiasaan nu sèjèn na nyaèta ibu-ibu di kampung Tèjamaya sok ngajarieun anyaman nu di Tèjamaya mah di sebutna ngarara.
           Kabiasaan di kampung Tèjamaya anu unik nyaèta lagam basa nu diucapkeun sok di laeu laeu keun, èta salah sahiji ciri khas urang Tèjamaya anu lumayan kasohor ka daèrah daèrah tatangga.




Kampung Bunut
Ku Ryan Taofik Hidayat
Kampung bunut perenahna aya di desa tanjung mekar kecamatan jamanis kabupaten tasikmalaya. Dingaranan bunut teh kusabab dibelah kidul lembur aya tangkal bunut anu umurna geus kolot pisan, jeung tangkal bunut teh tina akarna ngalir cai anu loba.
Kampung bunut teh jiga kampung sejen, sbab kampung ieu lain kampung adat. Aya hal unik dikampug bunut, nyaeta aya pasantren anu didirikeun ti jaman walanda, anu ngadegkeunna nyaeta KH Zaenal Abidin.
Dilembur ieu sabenerna sarua wae jeung lembur sejen, ngan paling aya sababaraha hiji anu beda dina lingkungan nana lembur ieu mah dina waktu sore teh sok asa bulan romadon, kusabab dilembur teh loba santri jeung santriyah anu keur jarajan sabari ngadagoan magrib.


Kabiasaan Mulung Teureup Di Kampung Selaawi
Ku Fahmi Abdul Wahab

   Ti kota tasikmalaya mah kampung selaawi teh kaitung jauh jarakna. Lamun naek kendaraan oge boh kendaraan pribadi atawa kendaraan umum merlukeun waktu perjalanan sajam leuwih, pernahna kampung selaawi teh aya didesa banyurasa, asalnamah desa banyurasa teh ngahiji jeung desa banyuresmi. Ngan, kusabab diayakeun pamekaran desa, jadi desa banyurasa jng desa banyuresmi teh dipisah.
   Asalnamah kampung selaawi oge ngaranna teh kampung selak mawit kusabab kampung selak mawit mah hese nuebutkeunna, jadi ku mbah Arya Wangsa Kusuma diganti ngaranna jadi kampung selaawi.
  Dikampung selaawi teh aya hiji kabiasaan dimana mun ngadesek ka bulan puasa barudak sok arindit ka makam, tujuanna lain ek jaroh ngan rek mulung teureup. Teureup teh salah sahiji bubuahan anu rada hese dipanggihan di lembur sejen. Biasana barudak mulungan teureup sok balik ngaji subuh jeung balik sakola agama ba’da ashar. Resepna tina mulung teureup teh babarengan jeung balad nu matak moal sieun kukurusukan dimakam oge.
  Eta teureup teh nu di ala sikina. kusabab jiga nangka, cara misahkeun siki tina dagingna teh make lebu supaya babari. Tos kitu, teureup dikumbah sakalian miceunan teureup nu ngarambang. Mun geus di beresihan tinggal dipoe terus di sangrai.
 Nya eta salah sahijina kabiasaan nu aya dikampung selaawi, seuer keneh kabiasaan-kabiasaan sejenna mung sakitu nu tiasa kapihatur.


Comments

Popular posts from this blog

LAPORAN PRAKTEK KERJA LAPANGAN DI PT DAHANA BERLIAN MOTOR TASIKMALAYA MENGENAI SISTEM REM

TEST KRAEPLIEN / KRAPELIN / TEST KORAN